Loading... Please wait

Sajak Sunda


Panulis : Asep Supriady



Pamuntangan Raga

Rumaos sagala hese beleke
Ku gerentesna hate
Dina kaayaan simpe
Sanggeus surup panonpoe
Peuting sanggeus ngalalakonan beurang
Diri teu lesot muntang
Kana welas asihna nu maha wenang
Masrahkeun rupa-rupa nu geus kasorang
Tina lamokotna kesang wangkelang
Lapad doa melesat ka awang-awang
Batin sujud ka pangeresa
Nu maha dina sagala perkara
Diri nyanggakeun sadaya-daya
Utamina ieu rupa dosa
Anu henteu weleh karasa aya
Ngadodoho lampah raga
Bismilah teh pasolengkrah
Gusti anu sipat welas asih
Mundut ijabahna pasrah
Dibarengan iklas sumerah
Hirup hurip henteu weleh
Ibadah samemeh paeh
Pamass, Agustus 2009

Situ Bandung
Situ bandung dipaseuk gunung
Sasakala talaga baheula
Ngamuara ngagunasika
Merdaya sakabeh nu aya
Bongan manusa
Tina aya diaya-aya
Mangsa girimis maseuhan
Situ bedah lir karaman karoman
Malidkeun rupa-rupa pasualan
Pikeun jalma-jalma nu teu boga rasa heman
Tina tekad, ucap, lampah nu taya ugeran
Sakedet netra rup[a kota jadi wahangan
Situ bandung caina geus badah
Kaayaan patulayah henteu puguh
Titincakan napak dina runtah
Nu palid kabawa caah nu rongkah
Tina angseu ambekan ngarahuh
Ngaraoskeun seungitna limbah
Situ bandung talaga gunung
Parahuna muter kapahung
Rahayat ngabring diharudum sarung
Pangagung cicing siga nu bingung
Kebek kurasa kaduhung
Ka mana mulangkeun bandung
Pamass, Pebruari 2009

Kuring Nu Ngalalana
Sagalana geus kaalaman
Paitna hirup geus beak diuyup
Amisna ngan kari mamanis
Tapi ieu lengkah moal waka diecagkeun
Samemeh hirup kuring surup
Balik deui kana asma anjeun-Na
Asal tina euweuh ayeuna ngeureuyeuh
Naha isuk, teuing iraha mulang ka asal
Alam nu teu kaselang-selang

Kuring nu ngalalana
Udagan kasumangetan asa can ngurangan
Satekah polah ngalengkah pasrah
Muru pangjugjugan alam kalanggengan
Unggal tempat kapaluruh
Breh deui anjog deui ka sampalan naraka
Liliwatan mangsa kuring ngalalana di dunya
Pikeun meuntas hayang anjog ka beulah ditu
Ka tempat asri tur endah tumaninah
Sawarga

Demokrasi
Demokrasi di hiji nagari
Seuseukeutna can kapanggih
Ukur jual beuli basa
Ceuk ieu nu sae mah!
Saur ieu mah nu kieu teh awon!
Demokrasi di hiji nagari
Saurang sarebu jangji nebarkeun harepan
Rahayat olohok bari pikirna ngagolak
Melak lamun dina sugan dicebor mudah-mudahan

Masukkan alamat email kamu disini:

Posting Keren Lainnya : Bloggeron

0 komentar:

:f :D :x B-) b-( :@ x( :? ;;) :-B :| :)) :(( =(( :s :-j :-p :-o :-g :-x

Posting Komentar

Silahkan Tinggalkan Komentar Anda disini

Diberdayakan oleh Blogger.

Blog Info